HUTBAH TENTANG MANISNYA IMAN







Hadirin Kaum Muslimin Rahimakumullah
Hayu urang muji syukur ka dzat Illahi Rabi, ka Allah SWT, wireh kalayan kamurahannana Allah parantos ngadamel urang sabari disadiakeun bekelna. Allah maparin sehat wal A’fiat ka urang sabari tiasa ngabdi ka anjenna. Khususna ngalaksanakeun ieu ibadah jumat.

Terus urang tingkatkeun ieu pelaksanaan ieu ibadah jum’at supaya urang memiliki Iman jeung Taqwa sarta mendakan halaawatal Iman atanapi amisna Iman. Saur Imam Al-Muhasi :

فاذا ذاق العبد حلاوة الايمان ووجب طعمه  ظهرت تمرة ذلك على جوارحه ولسانه
“ Maka dimana-mana hiji abdi geus ngarasakeun amisna Iman jeung manggihan rasana Iman, maka dzohir buahna dina sakabeh anggota badanna jeung dina letahna.

Anggota badanna tanginas ngalaksanakeun toat ka Allah, letahna di hiasi kalayan dzikir sarta emutannana mung wungkul neangan magfirah jeung ridho Allah SWT.
Upami jalmi tos kitu maka :
لاخوف عليهم ولاهم يحزنون
Moal manggih kasieun sarta moal manggih kaperihatinan.
Allah bakal masihan kahirupan anu sae ka eta jalmi, aman tentram jeung bahagia, anu akhirna Allah bakal ngajadikeun ka eta jalmi, pang sae-saena jalmi kalawan masihan tempat di syurga. Sarta kalayan ridho Allah eta jalmi salawasna kengeng kapuasan anu hakiki.

Hadirin Kaum Muslimin Rahimakumullah
Namung sing hati-hati biasana jalmi anu ngaku Iman, bakal di coba ku Allah, saperti parantos dicobana umat-umat anu tos tipayun, supaya dzohir mana anu bener Imanna jeng mana anu ngan saukur ngaku wungkulm saperti tercantum dina Al-Qur-an Surat Al-Ankabut ayat 2 jeung ayat 3 :


Dina surat Al-Baqoroh ayat 214 dijeulaskeun anu maksudna urang ulah boga sangka asup ka surga. Lamun hanteu acan sobar nahan tina cocoba saperti cobaan anu parantos  karandapan ku umat umat terdahulu.

Hadirin Kaum Muslimin Rahimakumullah
Semakin kuat Iman seseorang, maka bakal semakin tanggung jawab kana agama. Lamun kuat tanggung jawab terhadap agama maka bakal semakin tinggi potensi cobaan ka eta jalmi. Dina hadits di carioskeun bahwa pang ageng agengna cobaan, nyaeta cobaan anu datangna ka para nabi.

Kiwari dulur urang anu aya di Irak, Palestiana jeng sajabana keur di coba ku Allah, mudah-mudahan aranjeuna  sing dipasihan kasobaran sarta kakiyatan oge mudah mudahan sing enggal dipasihan pertolongan, sabab lamun nyerah berarti masrahkeun eta negara ka jalma-jalma jahat anu dipimpin ku Amerika.

Saur Sayidina Ali sagoreng gorengna jalma anu beragama Islam lamun dibandingkeun jeung pang alus alusna jalma kafir masih keneh alus jalma anu beragama Islam, sabab jalma kafir upami migawe hiji perkara moal ditarima ku Allah. Sawangsulna jalma anu beragama Islam sanajan migawe dosa asal taubat maka bakal di hampura dosana.

Islam tidak mengenal menyerah, kecuali tos hanteu mampu pisan, menang secara dzohir menyetah tapi hate mah ulah, sakumaha dawuhan Allah dina surat An nahal ayat 106 :

الا من اكره وقلبه مطمئن بالايمان
Hadirin Kaum Muslimin Rahimakumullah
Betapapun Indahna Janji-janji Kafir lain keur kapentingan umat Islam tapi ngan saukur jang memenuhi hawa nafsuna.

Namun Hanjakal ieu perjuangan dulur urang, kedah ditebus ku harga anu kacida mahalna, saur dina berita seueur pisan anu maot baik sipil maupun tentara disamping bangunan bangunan anu ambruk akibat bom-bom anu dilancarkeun musuh.

Semoga ieu sadayana ngajadikeun pelajaran pikeun bangsa di dunia khususna pikeun umat islam dimana bae ayana.

Sakali deu urang ngadu’a ka Allah mudah mudahan dulur urang anu kiwari keur dirandapan kaperihatinan dipasihan kasobaran ku Allah sehingga perjuangan nana mangrupakeun amal anu matak nyandak aranjeunan nana kangge lebet ka Surgana Allah SWT.






0 Response to "HUTBAH TENTANG MANISNYA IMAN"

Post a Comment