Hadrin
kaum Muslimin Rahimakumullah.
Jalmi, baik secara pribadi, keluarga kelompok maupun
bangsa, meskipun awalna cicing dina derajat anu alus serta nyandang tur
ngagaduhan kamulyaan, tapi manakala geus embung ngindahkeun peringatan Allah
jeung Rasulna, maka dikhawatirkeun nagalaman kahancuran hirup, baik dari segi
perilaku, status sosial, kedudukan sinareng ekonomi tug dugika harga diri.
Kumargi kitu peringatan Allah sinareng Rasulna dina jero nganut ajaran Islam
kedah leres-leres mendapat perhatian anu serius, guna mencapai kasalametan
dunia miwah akherat. Diantawis anu kedah diperhatoskeun nyaeta peringatan
Rasulullah SAW dina salah sawios Haditsna :
ثلا
ث مهلكات : هو متبع وشخ مطاع واعجاب
المرء بنفسة
Tilu perkara anu matak mawa karusakan
hirup manusa, nyaeta bahwa nafsu anu diperturutkeun, kikir anu anut, sarta
kakaguman hiji jalmi kana dirina sorangan ( HR. Thabrani dari Anas Ra )
Dina hadits anu nembe kapihatur Rasu; prantos ngajelaskeun
ka urang sadayana bahwa aya tilu perkara anu kedah dijauhkeun, supaya urang
sadayana tiasa nyinglar diri tina karusakan hirup, di dunia nyakitu deui di
akherat.
Cara anu paling efektif kangge ngajauhan
tilu faktor tadi, teu aya sanes urang kedah terang sarta memahamina kalayan
saleres leresna.
Hadrin
kaum Muslimin Rahimakumullah.
Faktor anu bakal mawa karusakan hirup
manusia
1. Nurutkeun Hawa Nafsu.
Setiap jalmi di
anugrahi ku Allah sagala kahayang sarta rasa cinta kana hiji perkara, cinta
kana harta, tahta, wanita jeung sajabina. Ieu sadayana dina ajaran Islam hanteu
aya larangan ti Alla jeung Rasulna salami teu kaluar tina garis batas anu geus
jadi katangtuan dina agama. Harta boleh dimiliki, tapi ulah matak ngajadikeun
manusa poho ka Allah sarta naon anu jadi kaitanna jeung eta harta, contona
ngahalalkeun sagala cara sarta teu daek zakat, infak shadaqah saatos memilikina
eta harta.
Kadudukan atanapi
harta oge mangrupikeun sesuatu anu diteangan ku jalma loba, sehingga seueur
jalmi anu ngudag-ngudag kana eta kadudukan, ngan hanjakal sanggeus meunang
kadudukan jalma poho ka Allah sahingga kadudukan eta henteu dipergunakeun
negakkeun kabeneran, nupuguh mah ngan saukur pikeun nyenangkeun pribadi sarta
keluargana bahkan bila perlu hingga tujuh turunan.
Nyakitu deui nafsu
terhadap lain jenis, ieu oge teu dilarang ku Allah sareng Rasulna salami
ngaliwatan jalur anu bener sarta dibenerkeun ku agama, sehingga Allah kacida
nganjurkeun nana kaumat manusa kangge ngalaksanakeun pernikahan tapi kunaon
masih keneh loba jalma nu teu bisa ngendlikeun eta nafsu sesuai sareng parentah
anu kawasa.
Lamun kaayaan geus
samodel kitu maka manusa bakal sesat serta teu mustahil jalma bakal tunduk kana
haa nafsu bahkan bisa jadi nafsu mangrupikeun sesuatu leuwih penting tibatan kasajiban anu
diparentahkeun ku Allah. Anu akhirna loba pisan sesuatu anu matak mawa
karusakan saperti pemerkosaan, pembunuhan, penipuan korupsi kolusi suap
menyuap, jegal menjegal jeung sajabana.
Sebagai Muslim maka
hendakna urang sadayana ngajauhan kana kajadian-kajadian samodel kitu minimal
urang bisa yegah tina perbuatan-perbuatan anu teu sesuai sareung ajaran anu
parantos digariskeun ku Allah sinareng Rasulna.
Allah ngadawuh dina
Al-qur’an :
افرءيت من اتخد الهه هواه واضله الله على علم سمعه
وقلبه وجعل على بصره غشاوة فمن يهيديه من بعد الله افلا تذكرون
Naha anjeun teu ninggali jalma anu ngajadikeun hawa
nafsu sebagai pangerannana jeung Allah geus ngajadikeun ka eta jalma sesat
berdasarken elmuna sarta Allah ngeus ngunci mati kana sakabeh pang denge jeung
hatena nyakitu deui Allah ngeus nutupan kana paninggalina eta jalma. Maka saha
anu bisa mere pitunjuk saba’da Allah, maka kunaon anjeun henteu ngajadikeun ieu
hiji pelajaran.
2.
Kikir anu di anut.
Salah satu akibat tina sikap jalimi anu terlau cinta kana harta nyaeta kikir, baik
kikir ka Allah maupun kikir terhadap sesama. Ieu sadayana memang tos disinyalir
dina Al-qur’an. Sifat kikir mangrupikeun sifat anu tercela sahingga pelakuna
bakal meunang kahinaan lain ngan saukur di mata manusa tapi oge di hadapan
Allah SWT. Allah ngadawuh dina Al-qur’an :
الذين يبخلون
ويأمرون الناس بالبخل ويكتمون ما اتاهم الله من فضله واعتدنا للكافرين عذاب مهينا
Jalma – jalma anu kikir jeung nitah kikir ka batur
sarta nyumputkeun karunia anu parantos dipisahkeun ku Allah ka maranehannana.
Jeung kami pikeun jalma-jalma kafir siksa anu kacida hina na.
3. Faktor anu matak mawa karuksakan kahirupan baik anu sifatna
pribadi, keluarga jeung masyarakat nyaeta
jalmi sok ngabanggakeun diri sorangan.
Hal
ieu mangrupikeun panyakit hate anu kacida bahayana, bahayana nyaeta karena ujub
atanapi bangga terhadp diri sorangan jadi cikal bakal kana lahirna sifat
sombong, sahingga ngarasa dirina anu paling bener tibatan batur.
Jalmi
nu sok ngabanggakeun diri sorangan biasana karena aya kaleuwihan cek
manehannana pantes dibanggakeun Imma kaleuwihan dina elmu Waimma kaleuwihan
dina kakayaan, kakuasaan pangkat sinareng jabatan atanapi anu sanesna.
Jalmi
anu sok ngabanggaken diri biasana jiwana sok teu tenang, lamun manehannana
bangga ku harta kakayaan maka dimana-mana aya batur anu berpotensi janten jalmi
kaya manehna gelisah sok sieun ka saingan. Lamun manehna bangga ku kakuasaan,
maka dimana-mana aya jalmi anu berpotensi jadi penguasa, manehna bakal berusaha
kangge ngajegal bahkan bila perlu sagala cara dihalalkeun pikeun ngajatuhkeun
nana.
Hadirin
Kaum Muslimin
Upami
hiji jalma geus ka kenaan ku sifat anu tadi, maka pasti eta jalma teu ngarasa
boga kakurangan dina dirina. Dirina ngarasa pang benerna sahingga sulit di
koreksi, dinasehat sarta di bere saran malah anu leuwih ironis deui manehannana
hanteu ngindahkeun ajaran anu memang dongkapna ti Allah sareng Rasulna. Bila
perlu kangge mempertahankaeun dirina, manehna wani ngungkapkeun hukum anu
henteu puguh panyokotan nana, henteu sesuai sareng Al-qur-an jeung
hadits-hadutsna.

0 Response to "Hutbah Tentang Faktor anu bakal mawa karusakan hirup manusia "
Post a Comment