Jalmi, baik secara pribadi, keluarga kelompok
maupun bangsa, meskipun awalna cicing dina derajat anu alus serta nyandang tur
ngagaduhan kamulyaan, tapi manakala geus embung ngindahkeun peringatan Allah
jeung Rasulna, maka dikhawatirkeun nagalaman kahancuran hirup, baik dari segi
perilaku, status sosial, kedudukan sinareng ekonomi tug dugika harga diri.
Kumargi kitu peringatan Allah sinareng Rasulna dina jero nganut ajaran Islam
kedah leres-leres mendapat perhatian anu serius, guna mencapai kasalametan
dunia miwah akherat. Diantawis anu kedah diperhatoskeun nyaeta peringatan
Rasulullah SAW dina salah sawios Haditsna :
ثلا
ث مهلكات : هو متبع وشخ مطاع واعجاب
المرء بنفسة
Tilu perkara anu matak mawa
karusakan hirup manusa, nyaeta bahwa nafsu anu diperturutkeun, kikir anu anut,
sarta kakaguman hiji jalmi kana dirina sorangan ( HR. Thabrani dari Anas Ra
)
Dina hadits anu nembe kapihatur Rasu; prantos
ngajelaskeun ka urang sadayana bahwa aya tilu perkara anu kedah dijauhkeun,
supaya urang sadayana tiasa nyinglar diri tina karusakan hirup, di dunia
nyakitu deui di akherat.
Cara anu paling efektif
kangge ngajauhan tilu faktor tadi, teu aya sanes urang kedah terang sarta
memahamina kalayan saleres leresna.
Hadrin kaum Muslimin Rahimakumullah.
Faktor anu bakal mawa
karusakan hirup manusia
1. Nurutkeun
Hawa Nafsu.
Setiap
jalmi di anugrahi ku Allah sagala kahayang sarta rasa cinta kana hiji perkara,
cinta kana harta, tahta, wanita jeung sajabina. Ieu sadayana dina ajaran Islam
hanteu aya larangan ti Alla jeung Rasulna salami teu kaluar tina garis batas
anu geus jadi katangtuan dina agama. Harta boleh dimiliki, tapi ulah matak
ngajadikeun manusa poho ka Allah sarta naon anu jadi kaitanna jeung eta harta,
contona ngahalalkeun sagala cara sarta teu daek zakat, infak shadaqah saatos
memilikina eta harta.
Kadudukan
atanapi harta oge mangrupikeun sesuatu anu diteangan ku jalma loba, sehingga
seueur jalmi anu ngudag-ngudag kana eta kadudukan, ngan hanjakal sanggeus
meunang kadudukan jalma poho ka Allah sahingga kadudukan eta henteu
dipergunakeun negakkeun kabeneran, nupuguh mah ngan saukur pikeun nyenangkeun
pribadi sarta keluargana bahkan bila perlu hingga tujuh turunan.
Nyakitu
deui nafsu terhadap lain jenis, ieu oge teu dilarang ku Allah sareng Rasulna
salami ngaliwatan jalur anu bener sarta dibenerkeun ku agama, sehingga Allah
kacida nganjurkeun nana kaumat manusa kangge ngalaksanakeun pernikahan tapi
kunaon masih keneh loba jalma nu teu bisa ngendlikeun eta nafsu sesuai sareng
parentah anu kawasa.
Lamun
kaayaan geus samodel kitu maka manusa bakal sesat serta teu mustahil jalma
bakal tunduk kana haa nafsu bahkan bisa jadi nafsu mangrupikeun sesuatu leuwih penting tibatan kasajiban anu
diparentahkeun ku Allah. Anu akhirna loba pisan sesuatu anu matak mawa
karusakan saperti pemerkosaan, pembunuhan, penipuan korupsi kolusi suap
menyuap, jegal menjegal jeung sajabana.
Sebagai
Muslim maka hendakna urang sadayana ngajauhan kana kajadian-kajadian samodel
kitu minimal urang bisa yegah tina perbuatan-perbuatan anu teu sesuai sareung
ajaran anu parantos digariskeun ku Allah sinareng Rasulna.
Allah
ngadawuh dina Al-qur’an :
افرءيت من اتخد الهه هواه واضله الله على علم سمعه
وقلبه وجعل على بصره غشاوة فمن يهيديه من بعد الله افلا تذكرون
Naha anjeun teu ninggali jalma anu
ngajadikeun hawa nafsu sebagai pangerannana jeung Allah geus ngajadikeun ka eta
jalma sesat berdasarken elmuna sarta Allah ngeus ngunci mati kana sakabeh pang
denge jeung hatena nyakitu deui Allah ngeus nutupan kana paninggalina eta
jalma. Maka saha anu bisa mere pitunjuk saba’da Allah, maka kunaon anjeun
henteu ngajadikeun ieu hiji pelajaran.
2. Kikir anu di anut.
Salah satu akibat tina sikap jalimi anu terlau cinta kana harta nyaeta kikir, baik
kikir ka Allah maupun kikir terhadap sesama. Ieu sadayana memang tos disinyalir
dina Al-qur’an. Sifat kikir mangrupikeun sifat anu tercela sahingga pelakuna
bakal meunang kahinaan lain ngan saukur di mata manusa tapi oge di hadapan
Allah SWT. Allah ngadawuh dina Al-qur’an :
الذين يبخلون
ويأمرون الناس بالبخل ويكتمون ما اتاهم الله من فضله واعتدنا للكافرين عذاب مهينا
Jalma – jalma anu kikir jeung nitah kikir
ka batur sarta nyumputkeun karunia anu parantos dipisahkeun ku Allah ka
maranehannana. Jeung kami pikeun jalma-jalma kafir siksa anu kacida hina na.
3.
Faktor anu matak mawa karuksakan kahirupan baik anu
sifatna pribadi, keluarga jeung masyarakat nyaeta jalmi sok ngabanggakeun diri sorangan.
Hal
ieu mangrupikeun panyakit hate anu kacida bahayana, bahayana nyaeta karena ujub
atanapi bangga terhadp diri sorangan jadi cikal bakal kana lahirna sifat
sombong, sahingga ngarasa dirina anu paling bener tibatan batur.
Jalmi
nu sok ngabanggakeun diri sorangan biasana karena aya kaleuwihan cek
manehannana pantes dibanggakeun Imma kaleuwihan dina elmu Waimma kaleuwihan
dina kakayaan, kakuasaan pangkat sinareng jabatan atanapi anu sanesna.
Jalmi
anu sok ngabanggaken diri biasana jiwana sok teu tenang, lamun manehannana
bangga ku harta kakayaan maka dimana-mana aya batur anu berpotensi janten jalmi
kaya manehna gelisah sok sieun ka saingan. Lamun manehna bangga ku kakuasaan,
maka dimana-mana aya jalmi anu berpotensi jadi penguasa, manehna bakal berusaha
kangge ngajegal bahkan bila perlu sagala cara dihalalkeun pikeun ngajatuhkeun
nana.
Hadirin
Kaum Muslimin
Upami
hiji jalma geus ka kenaan ku sifat anu tadi, maka pasti eta jalma teu ngarasa
boga kakurangan dina dirina. Dirina ngarasa pang benerna sahingga sulit di
koreksi, dinasehat sarta di bere saran malah anu leuwih ironis deui manehannana
hanteu ngindahkeun ajaran anu memang dongkapna ti Allah sareng Rasulna. Bila
perlu kangge mempertahankaeun dirina, manehna wani ngungkapkeun hukum anu
henteu puguh panyokotan nana, henteu sesuai sareng Al-qur-an jeung
hadits-hadutsna.

0 Response to "Faktor anu bakal mawa karusakan hirup manusia"
Post a Comment